Wanci Peuting nu geus simpé
Kuring nyaring najan awak rada capé
Duméh hayang sugan jeung sugan
Panggih peuting Ka-Agungan sarébu bulan
Kuring bungah anu taya babandingna
Sakur nikmat anu sakitu lobana
Hirup berkah reujeung taat
Muga tepi ka ahérat
Peuting ieu muga jadi panghampura
Tina sagala dosa
Jadi pangraksa
Tina seuneu naraka
0 komentar:
Posting Komentar